4.15.2012

Lalakon Sakadang Hayam


Kacaturkeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan.
Unggal isuk-isuk ėta oray tėh osok dangdan mapantes manėh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dėwa.

Sanggeus mikir manėhna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arėk nginjeum tanduk ka sakadang Hayam jago (harita mah hayam jago tėh aya tandukan) menta di anteur ka titinggi. Sanggeus amprok dicaritakeun sakabėh pamasalahan naga ka si hayam jago. Maksudna mah nginjeum tanduk ka hayam jago, engkė dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi ceuk sakadang naga.

Hayam jago teu nėmbalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, hayam jago oge mėrėkeun tandukna ka sakadang naga.
Ceuk naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samėmėh balebat, lamun balebat can balik waė bisi kaula poho ngawangkong jeung dėwa, anjeun mėrė tanda wėh kongkorongok sing tarik". Geus kitu mah jung weh sakadang naga jeung sakadang titinggi tėh arindit.



Isukna samėmėh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang waė, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu datang kėnėh baė. Nepi ka brayna beurang titinggi teu datang-datang.

“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam the. Tapi ditunggu nepi kasubuh titinggi teu datang kėnėh waė.
Pohara ambekna hayam jago nepi ka ngancam lamun titinggi datang arėk di pacok nepikeun ka paėhna. Tiharita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta lamun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepikeun ka pėhna, males pati dumėh kungsi ngabobodo.

0 komentar:

Posting Komentar


Contac me : 0857-9-3434-637