10.31.2011

Asih Nu Mawa Peurih

Kacaturkeun dina hiji poe kuring papanggih jeung awewe nu can pernah pangih sa acanna, mimiti apal teh tina hape eta ge pamere ti nu jadi babaturan. Pas mimiti ninggali mah biasa rarasaan teh teu leuwih, saukur patanya sakedeng balik deui weh ka imah. Dina hiji wanci keur cicing diluhureun kenteng imah bari ninggali endahna bentang pating burilak ujugujug inget ka awewe nu basa eta papanggih, duka ka asupan naon kuring ujugujug sura seuri sorangan, teu kungsi lila tidinya ngaluarkeun hape tina pesak hayang nanyakeun eusi jero manahna. Tungtungna mah kuring jeung manehna teh nyambung tali duriat.

Ti wanci ka wanci asa teu karasa ku mineng babarengan mah, dina saminggu teh kadang tilu kali patepung, mun ka mamana sok babarengan wae pokona mah kuring jeung manehna teh geus deukeut pisan, kanya'ah kuring ka manehna ge beuki jero. paling resep lamun geus ulin ka tempat-tempat samodel gunung nu karitu bari ngalabring jeung babaturan nu lainna. kuring jeung manehna teh sapaguyuban soalna manehna teh diajak ku kuring asup kana paguyuban eta supaya lewih deukeut jeung ka tinggali tingkah polahna lamun ngalakukeun nu salah teh.

Dina hiji wanci kuring jeung manehna teh pasea nepikeun ka teu patanya deui, kabeneran isukna teh barudak paguyuban aya acara arulin, manehna teh hayangeun milu tapi euweuh kandaraan, manehna bingung kudu milu kana kandaraan saha soalna nu sejen mah geus parinuh. Teu kungsi lila aya lalaki mawa kandaraan tuluy manehna teh milu kadinya, teug ieu manah kuring nyerina kacida ninggali jelema nu dipika nya'ah dibonceng ku lalaki lain. padahal mah kuring ge sorangan dina motor teh teu mawa boncengan, ka hayang mah manehna teh bareng jeung kuring lain bareung jeung lalaki lain, hade goreng ge ku basa. Sajajalan pikiran jeung manah asa teu puguh rarasaan nepikeun nepi ka tempat nu dituju. sanajan manah ieu peurih tapi tong nepikeun ka tinggali. keur mah hawana teu puguh katambah manah nyeri jadi kana awakna oge asa laleuleus, didnya kuring gering paranas tiris,ngagoler dina papan bari ngararasakeun kanyeri manehna datang nyamperkeun kuring baring ceurik, nyebutna teh teu tega ninggali kuring gering. Abong nu ngarana duriat ngadadak cageur keur gering ge, pas deuk baralik manehna ngomong hayang bareng jeung kuring, pas ditengah jalan bret hujan turun, puguh we asa dina sinetron, tungtungna mah kuring jeung manehna akur deui.

Beuki dieu beuki dieu teh rasa kanya'ah beuki tambah, teu kasawang ti mimitina lila ka lilaan kuring karek apal yen manehna selingkuh, selingkuhna teu ka babaturan kuring deuih, teu karasa cai panon murubut tina panon ngabaseuhan pipi saking ku nyerina ieu manah, nyeri hate ku manehna jeung nyeri hate ku nu jadi babaturan. naha manehna bet tega ngakhianatan kuring, ras inget ka nu pernah dilakukeun ku urang duaan jeung kana janji-janji manehna. Untung nafsu bisa keneh katahan, nafsu ka nu jadi babaturan, kahayang mah maehan, tapi untungna teh masih dipaparian ka sadaran ku gusti. Sakuat tanaga mertahankeun tali duriat tapi maneh tetep milih itu, kapaksa daek teu daek di ikhlaskeun sanajan hate ngajerit nepikeun ka peurih ge. Sanajan manehna mikacinta batur tapi ieu hate kuring moal pernah bisa dibohongan, kuring masih deudeuh nya'ah ka manehna.
Moal pernah poho nepikeun ka iraha-iraha ge kana nu pernah dilakukeun ku urang duaan.

0 komentar:

Posting Komentar


Contac me : 0857-9-3434-637